Sakumna
bangsa Indonesia, pangpangna urang sunda, tangtu moal aya nu bireuk ka Oto
Iskandar Di Nata. Anjeunna teh salah saurang pahlawan nasional anu gede jasana
pikeun bangsa jeung nagar Indonesia. Jasa-jasa anjeunna ebreh pisan dina
lalakon jeung sajarah kamerdekaan. Ku urang bisa kabandungan,kumaha harusna
sora Pa Oto waktu ngedalkeun kareteg kahayang bangsana dina sidang-sidang volksraad. Kalawan tatag anjeunna nyoara , aya dua pilihan pikeun bangsa Walanda:
buru-buru indit ti tanah jajahan atawa kudu diusir heula!
Dina
sidang rayat tahun 1931, Pa Oto geus nandeskeun pamadegan yen Indonesia teh
bakal merdeka. Ari kangaranan hirup merdeka mah geus jadi sipat sakur nu kumelendang. Tong boro manusa, dalah
sato ge sarua. Bangsa Indonesia tangtu bakal merjoangkeun kamerdekaan sakuat
tenaga. Sumanget rahayat moal bisa ditumpes
ku kakerasan jeung pakarangan.
Pa Oto
teh pituin orang Desa Bojongsoang, Bandung. Dibabarkeunna tanggal 31 Maret
1897. Ti keur budak keneh geus katembong bakat jeung kamampuhna anu onjoy batan
budak nu lian. Najan enya putra Lurah, tapi sapopoena mah sok bareng wae jeung anak cacah kurincakan.
Cita-cita
Pa Oto hayang jadi guru. Ku sabab keyeng jeung suhud dina diajar, ahirna eta
cita-cita teh laksana. Anjeunna diangkat jadi guru diwewengkon Banjarnegara,
Jawa Tengah. Ti dinya terus dipindahkeun ka Bandung.
Saenyana
mah ti keur sakola guru keneh oge Pa Oto geus kataji ku kagiatan kaom pergerakan. Pikeun ngamalirkeun
pamadeganana, nya terus wae asup organisasi Budi Utomo. Ti saprak matuh di Bandung,
anjeunna jadi anggota Paguyuban Pasundan. Malah dina eta organisasi ngaran Oto
Iskandar di Nata mimiti dipikawanoh ku masarakat Indonesia, nyaeta ti saprak
jadi anggota dewan rayat tea. Ku pihak pamarentah kolonial, PaOto teh dianggap
salasaurang kekentong pergerakan anu teu bisa dianggap enteng. Pangna kitu teh
sabab anjeunna ludeung nepikeun sora balarea anu dina seuseuhannana pikeun
ngahontal kamerdekaan. Ku sabab gede kawanina, Pa Oto meunang julukan “Si Jalak
Harupat”. Dina budaya Sunda, sesbutan si jalak harupat teh maksadna hayam adu
nu salawasna tandang di pakalangan. Tah, kawani Pa Oto oge dipapandekeun kana
kawani hayam adu anu tara kungsi eleh.
Dina
tahun 1929, Pa Oto kapilih jadi Ketua Pengurus Besar Paguyuban Pasundan. Dina
jaman kapengurusan anjeunna, eta organisasi teh maju pisan, babakuna dina
widang pulitik, ekonomi, persuratkabaran, jeung atikan.
Dina
jaman merdeka, Pa Oto dijungjung lungguh jadi Menteri Negara Kabinet nu
munggaran. Dina urusan kanagaraan, saenyana ti sawatara bulan samemeh merdeka
oge anjeunna geus pipilueun. Pa Oto ka asup anggota Panitia Persiapan
Kemerdekaan Indonesia anu di antarana boga pancen nyusun UUD 1945 jeung
Pancasila.
Hanjkal
pisan, dina bulan Oktober 1945 Pa Oto aya nu nyulik. Anjeunna dipergasa tepi ka
tilar dunya ku sawatara jalma nu teu boga rasa tanggung jawab.
Kiwari
Pa Oto geus tanya dikieuna. Tapi najan kitu ari sumanget jeung cita-citana mah
masih keneh hurung dina jiwa bangsa Indonesia. Kukituna, pikeun ngajenan jasa
Pa Oto Iskandar di Nata, saban tanggal 31 Maret sok dipieling wetonna, sarta
sok diteruskeun jarah ka Pasir Pahlawan, nyaeta makam Pa Oto Iskandar di Nata,
perenahna dijajalaneun ka Lembang.
Sumber buku:
Suryalaga, Hidayat. 1986.
Gapura Basa: Pangajaran Basa Sunda Pikeun Murid SLTP Kelas Hiji. CV Geger
Sunten. Bandung (hal. 40)